Mejikuhibiniu

Mejikuhibiniu
Kerudung Keren :D

Ahlan wa Sahlan

~Bismillahirrahmanirrahim~
Selamat Datang
Terimakasih telah Berkunjung

Semoga blog ini bermanfaat bagi Anda >.<
Mohon maaf apabila banyak kekurangan

SILAHKAN DI SHARE dan DIJADIKAN REFERENSI
Kunjungi Social Network saya yang lain :

Cari Blog Ini

Kamis, 18 April 2013

XII Bahasa Sunda - Naskah Panata Acara


Tepang Taun Maryam nu ka Salapan
Bismillahirrahmanirrahim
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh
Pangersa Bapa miwah Ibu salaku kolot Maryam anu ku simkuring dipihormat
Pangersa Bapa miwah Ibu rawuh Teteh oge Kakang para tamu anu ku simkuring dipihormat
Sarta Maryam jeung rerencangan anu ku simkuring cintai
Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti nu maha suci rehna Alhamdulillah ku Rahmat sareng Inayah manten-Na , dina danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan  sareng ni’mat dugi ka urang sadaya tiasa kempel ngarium, patepung acara tepang taun Maryam anu ka salapan taun.
Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ka jungjunan urang Nabi Agung Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabi’in-tabi’ina dugi ka urang salaku umatna mugi di yaumil ahir kenging sapa’at ti manten-Na.
Hadirin sadayana
Nepangkeun wasta pun Paramita Nirmalawati. Sim kuring ngadeg cumarios di payuneun hadirin sadaya wireh kapancenan salaku panata acara dina ieu acara, nyaeta tepang taun Maryam anu ka salapan taun. Simkuring widi tina kaweningan galih neda jembar setra manah seja nyanggakeun wilujeng sumping ka hadirin sadaya anu parantos kersa ngaluuhan ieu acara, sewi nuhun laksaketi kabingahan. Sumangga luuhan dina tempat ieu mugia sing genah betah. Anapon runtuyan acara tepang taun ieu, nyaeta:
-          Bubuka
-          Ngaoskeun ayat suci Al-Quran dilajengkeun solawat nabi
-          Biantara panbagea ti Bapa Muhammad salaku kolotna Maryam
-          Niup lilin
-          Kadaharan jeung lalaguan
-          Do’a
-          Panutup
Hadirin sadaya supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga acara urang buka ku maos basmallah sasarengan, bismillahirrahmanirrahim
Mugi ka ngalangkungan aosan basmallah ieu kagiatan kenging barokah sareng rido Allah SWT.
Salajengna, sim kuring ngahaturanan ka saderek Fatih anu parantos ngaoskeun ayat suci Al-Quran sareng mingpin solawat nabi.
Acara salajengna nyaeta biantara ti Bapa Muhammad salaku kolot Maryam. Sumangga kersana Bapa Muhammad dipihaturanana.
Hatur nuhun ka Bapa Muhammad anu parantos ngadugikeun biantara jeung doa keur Maryam.
Hadirin sadaya saparantos ngabandungan biantara pangbagea, urang bade manggil Maryam anu bade ngarayakeun tepang taunna anu ka salapan dina waktos ieu. Maryam bade niup lilin jeung motong kue ulang taunna.
Alhamdulillahirrabbil’alamin, mugi-mugi Maryam keur jadi anak anu sholehah jeung taat ku kolot.
Hadirin sadaya, cunduk waktosna kana acara anu diantos-antos ku sadayang nyaeta kadaharan. Sumangga kersana sadaya keur dahar kadaharan anu geus disiapkeun dina meja. Sambil dahar, urang kupingkeun hariring lagu anu bade dipintonkeun ku group music sunda ti Bogor Sunda Band,
Hadirin sadaya Alhamdulillah acara demi acara parantos lekasan. Acara ieu dipungkas ku doa. Sumangga ka Bapa Ustad Hasyim dihaturanan kanggo mingpin doa.
Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad Hasyim anu parantos mingpin doa, mugja doa urang sadaya di kobul ka Allah SWT, aamiin
Sumangga ieu acara acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alahmdulillahirrabbil’alamin.
Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkeun nuhun ka kaluarga Maryam anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur bahe carek, mugia kersa ngahapunten.
Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatu


Paramita Nirmalawati
XII IPA 1 [2012/2013]

1 komentar:

KELAS 2 mengatakan...

Izin copas ya buat tugas :)